Kumpulan Pribahasa, Babasan, Paribasa Sunda Jeung Hartina
― ∙ Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.Akal [...].








